Monday, December 01, 2008

Aki jeung Nini

Aya aki jeung nini rek ulin ti lembur ka kota, jug si aki jeung nini di bawa ku supir make mobil. aki jeung nini diuk di tukang nepikeun ka nundutan da jalan teh alus.



Di jalan nu pungkal-pengkol si aki lilir terus nanya ka si supir.
aki : tos dugi mana ieu teh ?
supir : Ci Oray ki.
aki : oh wewengkon ci oray, paingan atuh luar leor.
geus kitu terus we si aki nundutan deui.

sanggeus si aki nundutan gantian nini nu lilir, terus nanya ka supir
nini : tos dugi mana ieu teh jang ?
supir : tos dugi tol ni...
nini : oh wewengkon tol, paingan atuh ngageleser ...
supir : "supir ngan saukur mesam mesem :D" !!!


3 comments:

Unknown said...

Mun teu lepat kantos ieu teh dicarioskeun ku Si Aang, putrana bi Ineu.........

Seuri.... wuiiihhhh

He..he...he....

MG said...

Muhun wa, ieu banyolan jadul, kapungkur ngadangu teh pas nembean dambel kinten-2 th 97 an, ari nu ngabanyol teh tatanggi meja di warung makan.

hoyong seuri tapi di tahan... da nu ngabanyolna batur... hehehe

Anonymous said...

hello... hapi blogging... have a nice day! just visiting here....